Kamis, 15 Desember 2011

Biantara ngeunaan seni tradisi


TAREKAH NGEUNAAN SENI TRADISI

Assalamua’laikum Wr.wb.
Alhamdulillahi Robbil ‘Alamin, Alhamdulillahi ladzi hadzana li hadza wamakunna linahtadya laula an haddzanallah. Laqad ja’akum rosulullahi min Robbina bil haqi bashiron wanadziro. Asyhadualla illaha illalloh, waasyhadu anna Muhammadan Rosululloh. Allohumma sholli ala Muhammad wa’ali Muhammad. Amma Ba’du.
Sateuacana, simkuring ngahaturkeun nuhun ka pangjajap acara anu parantos masihan waktosna ka simkuring.
Girang pangajen hormateun simkuring,
Hadirin anu sami linggih dina ieu pasamoan.
Puji sinareng syukur urang sanggakeun ka Gusti nu Maha Suci anu Maha Welas tur Maha Asih henteu aya pilih kasih kasugri nu kumelip di ieu bumi, anu parantos maparin mang rewu-rewu nikmat ka urang sadayana. Ku nikmat sareng hidayah manten-Na dina danget ieu simkuring tiasa silaturahmi, patepung lawung patepang raray dina acara “ TCA Biantara Basa Sunda”.
Solawat miwah salam mugia salamina dilungsurkeun ka jungjunan alam Nabi Panungtung zaman anu Parantos ngalungsurkeun cahaya ka imanan ka Umatna, Nabi panutan urang, Nabi Muhammad S.A.W. teu hilap rahmat sareng salam oge di lungsurkeun ka kulawargana, sohabatna katut muslimin sareng muslimat sadayana. Amin Ya Robbal a’lamin.
Girang pangajen anu di hormat,
Langkung tipayun nepangkeun simkuring wasta pun Firmansyah, patandang ti UPI kampus sumedang. Alhamdulillah Nangtungna sim kuring dina danget ieu payuneun hadirin anu sami rawuh, taya sanes seja ngiring jabung tumalapung sabda kumapalang.
Kitu oge bari jeung digedeng ku kendang gede pakauman rumasa sim kuring mah taya kabisa, sanggem paripaos tea mah etang-etang lauk buruk milu mijah. Boa catur ge nu tanpa bukur, ngalantur teu puguh alang ujurna taya pulungeunana.
Nanging sanaos suwung ku pangaweureuh suda ku pangabisa, sim kuring baris nyobi ngaguar judul ieu biantara anu unina “Tarekah ngeunaan seni tradisi”.
Hadirin nu dipihormat,
Saparantos sim kuring maluruh sababaraha sumber anu jadi rujukan. Sihoreng geuning, anu utama pikeun para nonoman atanapi generasi ngora anu jadi seuweu siwi pajajaran teh, taya sanes kedah mibanda rasa katineung kana budayana. Ulah nepikeun ka jati kasilih ku junti-mupusti budaya asing bari teu malire budaya urang sorangan. Anu antukna cul dog-dog tinggal igel. Adean ku kuda beureum-ngarasa reueus ku banda meunang nginjeum. Contona dina widang seni sora para nonoman sunda geus teu wanoh kanu nu namina pupuh, aranjeuna leuwih kataji ku lagu-lagu barat samisal justin beiber. Conto laina Jaipong tos ka lindih ku break dance.
Sanes hartosna nonoman sunda ulah malire kana budaya deungeun. Nanging asa langkung payus saupami weruh kana budaya deungeun teh disarengan ku ngaraksa-ngariksa budaya sorangan utamana kanu seni tradisi anu jadi ciciren bangsa.
Naon sababna seni tradisi jadi ciciren bangsa? Rupina seni tradisi teh nuduhkeun ciri anu dipibanda ku salahsahiji suku bangsa. Asa palangsiang, saupamana dina hiji waktu keur aya di Negara deungeun, heug aya nu naros, kawit ti mana, dijawab teh – “ti Indonesia” . Indonesiana dimana? dijawab teh: “ti jawa barat” . Batur teh nanya deui: “Atuh pinter jaipongan, tiasa abdi ngiring diajar?” Pisakumahaeun erana saupama urang keur di mancanegara diperedih ku batur pikeun ngawanohkeun tari jaipong, tapi urang teu bias, kacida pisan erana komo pami asal urangna ti sumedang mah nu tos jadi puseur budaya sunda.
Widian simkuring umajak ka balarea, sangkan nitenan salah sawios falsafah Jawa Barat anu unina “Gemah Ripah Repeh Rapih” . Ieu falsafah teh kalintang matak katajina. Gemah ripah ngandung hartos subur makmur, kertaraharja. Kanyataanana tanah pasundan teh estuning tanah tempat bebetah, pangancikan nu utami. Mangrupi anugerah gusti keur urang sunda pinuji. Nu kawentar hade tata, hade titi nu beunghar ku tatakrama perceka tur sopan santun.
Repeh rapih ngandung hartos yen urang sunda mah saati,sareundeuk saigel sabobot sapihanean. Tegesna sabilulungan, gotong royong dina sagala perkara. Keuna kana paripaos “silih asah silih asih silih asuh” nu janten tuturus laku dina kecap sauyunan. Kalintang endahna upami eta babasan the di laksanakeun dina kahirupan sapopoe ku urang salaku nonoman sunda?
Hadirin nu di pihormat,
Hirup jeung mekarna kasenian, salawasna luyu jeung kabutuh masyarakatna, tangtu wae dina kamekaranana oge baris kapangaruhan ku kaayaan lingkungan jeung paneka jaman. Lamun urang nyoreang ka tukang, fungsi kasenian dina jaman bihari raket patalina jeung upacara adat. Ari kiwari geus robah jadi pintonan pikeun hiburan. Robahna teh lain dina fungsina wungkul, tapi deuih dina prak-prakan magelarkeunnana, contona pagelaran wayang golek di acara-acara TV swasta. Salaku urang sunda geus jadi kawajiban urang pikeun miara tur ngamumule seni tradisi sunda, lamun teu ku urang ku saha deui jeung lamun teu ayeuna bade iraha deui? Ulah nepi ka seni tradisi urang teh diaku ku bangsa deungeun. Contona pakakas Angklung nu kiwari diaku ku malaysia. Ieu kajadian teh ulah kaalaman anu ka dua kalina. Kumargi kitu, simkuring umajak ka balarea, hayu urang sasarengan nanjeurkeun budaya urang dina sagala widangna, urang saliksik ku pikir, urang srak-srak ku emutan, pilari naon tali paranti nu leungit, nu janten sabab musabab Ki Sunda kirang dangiang. Simkuring ngagaduhan hiji Moto nyaeta Tancebkeun tekad sing pageuh, tembrakeun kalawan jentre, yen urang teh “Nyaah, Bogoh, tur Resep kana seni tradisi Sunda”.
Hadirin hormateun simkuring,
Didieu simkuring ngagaduhan sababaraha tarekah pikeun miara tur ngamumule seni tradisi Sunda, diantarana :
1.  Urang kudu bener-bener mikaresep jeung micinta seni tradisi Sunda
2.  Urang sasarengan diajar neuleuman seni tradisi
3.  Buktikeun yen seni tradisi Sunda moal eleh ajenna ku seni tradisi bangsa sejen.
4.  Ngadu’a ka Gusti Alloh sangkan para nonoman sunda dipaparin hidayah       kanggo miara,ngamumule turngajenan seni tradisina.
Kukituna, Pasualan utama anu kedah kawaler dina ieu judul biantara teh, nyaeta kumaha sangkan nonoman sunda mikacinta kana budaya sunda. Waleranna, sajabi ti rupi-rupi hal anu disebatan tadi, rumus anu utama generasi ngora ulah ngaraos isin, era, atanapi gengsi dina mintonkeun seni tradisi Sunda. Ulah sieun disebut urang kampung bau lisung pedah ku mintonkeun seni tradisi Sunda, malah kudu sabalikna, urang kudu ngarasa reueus sabab geus ngamumule budaya karuhun.
Hadirin anu sami-sami linggih,
Eta mah sakadar cita-cita simkuring. Da ahirna mah diwangsulkeun deui ka nonoman nyalira. Cindekna mah urang kedah paheuyeuk-heuyeuk leungeun dina ngamumule ngaraksa sareng ngariksa budaya sunda. Manawi bahan katampi, hapunten, sanes bade ngabejaan bulu tuur, atanapi mamatahan ngojay ka meri. Ieu mah mungguhing kajurung ku identitas sim kuring salaku nonoman sunda. Sasieureun-sabeunyeureun bae mah ngiring nyumbang saran. Rupina heunteu panjang anu kapisanggem, harepan urang mugia naon anu di pedar ku simkuring sing aya manfaatna. Seni tradisi Sunda tetep mekar tur nanjeur pikeun ngigeulan paneka jaman. Sakitu nu kapihatur, bilih aya basa nu kirang merenah kana manah langkung saur bahe carek, pondok nyogok panjang nyugak neda di hapunten.
Dahar liwet reujeung peda          
Sambelna-sambel tarasi
Mun rumaos urang Sunda
Piara seni tradisi

Saninten buah saninten
Dibawa ka parapatan
Hapunten abdi hapunten
Bilih aya kalepatan

Billahi Taufik Walhidayah Wasalamu alaikum wr.wb

Tidak ada komentar:

Posting Komentar